MAJALENGKA – macakata.com – Aya hal nu beda nalika DPC Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan Kabupaten Majalengka (DPC PDIP Majalengka)ngadaftarkeun bakal calon legislatif (bacaleg) ka KPU Majalengka, Jawa Barat. Nyaeta dieuyeuban ku karesmen seni budaya ngelar katut barisan sapedah ontel.
Hal eta saluyu jeung Seokarno naek sapedah tur panggih jeung Marhaenisme. Sapedah kungsi jadi ciciren status sosial. Kaum bumiputra nu mibanda sapedah kawates ukur bangsawan oge priayi. Soekarno nu teureuh priayi aub ngamumule tur motekarkeun ngaboseh saoedah. Sapedan lain ngan saukur alat transportasi. Sapedah oge alat ngasah kapekaan katut pemikiran. Ideologi marhaenisme, buahna. Ideologi ti pamahaman kasangsaraan rayat ditimukeun Bung Karno nalika ngaliwat jeung sapedah.
PDIP Majalengka Target 20 Korsi di DPRD Sakumna calon legislatif ti partey nomer 3 eta ngalaksankeun pawey ti kantor sekretariat ngajugjug ka kantor KPU Majalengka. Nyaeta ku numpak delman katut sapedah ontel dieuyeubn ku kirab budaya. Nyaeta, Banteng, Garuda, Kacapu Suling, sarta Lengser (upacara adat sunda).
Numutkeun Sekretaris DPC PDIP Majalengka, Tarsono D. Mardiana, yen ku suasana euyeubna parade nu dipintonkeun eta salaku simbol nu diditepikeun kalayan makna positip ka masarakat ngeunaan palaksanaan Pemilu 2024.
“Pintonan parade kesenian tradisional eta salaku cumeluk umajak ka masarakat, supados aub ngiring partisipasi nyakseskeun palaksanaan Pemilu serentak 2024 kalayan suka bungah gumbira oge kakaluargaan,” ceuk Tarsono, Kemis (11/5/2023).
Ku kituna, ceuk Tarsono, PDIP Majalengka migura cumeluk umajak nu diramu nuansa kearifan lokal mangrupa pawey delman, sepeda ontel katut kesenian lengser.
Tarsono nyebutkeun, yen pihakna sacara resmi ngadaptarkeun sajymlah 50 urang kader panghadena pikeun aub dina kontestasi pulitik pemilihan legislatif (pileg) di Pemilu 2024.
“Simkuring katut rengrengan mastikeun siap nyakseskeun palaksanaan Pemilu serentak 2024 di Kabupaten Majalengka oge sakumna kader siap ngengingkeun kontestasi politik di lapangan,” ceuk Tarsono.
“Perkawis bacaleg nu dirojong, PDI Majalengka ngarekrut sababaraha elemen oge incumbent nu mangrupikeun petarung atanapu nu tos biasaklngan tos kauji kangge majeng ngengingkeun pileg di Pemilu 2024.”
Masih ceuk Tarsono ngahadirkeun ti segmentasi milenial, tokoh wanoja, aktivis, budayawan, patani pikeun neruskeun pangwangunan di Kabupaten Majalengka.
Pihakna oge geus ngadaptrkeun 100 persen sakumna bacalegna kalayan komposisi 35 lalaki jeung 15 wanoja. Din hal ieu katangtuan kuota keterwakilan wanoja geus terpenuhi saluyu katangtuan undang-undangna.
“Formasi katut strategi nu tos dibentuk sarta dipersiapkeun DPC PDIP Majalengka optimis bakal ngengingkeun Pemilu 2024 kalayan nyangking target 20 korsi di DPRD Majalengka,” ceuk Tarsono.
*** Ayank R Sambara
Comment here