MAJALENGKA – macakata.com – Tim Kesenian ti Kabupaten Majalengka pinilih anu panghadena di kàgiatan PORSENITAS IX di Kabupaten Pangandaran, sababaraha waktu katukang. Sawatara kontingen Porsenitas Kota Angin aya di peringkat ka-3 ti 9 pamilon anu ngiluan Porsenitas ka-IX eta.
Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Kabupaten Majalengka, Iding Solehudin, dibarengan ku Kabid Kebudayaan Oman Surahman ngucap syukur tur reueus ka pentas seni jeung budaya di kagiatan anu diiluan 9 kabupaten/ kota di wates Jawa Barat- JawaTengah, tim Kesenian Kabupaten sakses jadi juara kahiji.
Numutkeun Oman, Kabupaten Pangandaran jadi tempat dilaksanakeunana Pekan Olahraga Seni Perbatasan (Porsenitas) IX taun 2022 sarta Pameran Kunci Bersama Gelar Produk Unggulan dan Investasi Daerah anu dilaksanakeun salila 3 poe, ti tanggal 2 nepi 4 nopember 2022.
“Kagiatan ieu pamilinna 9 kabupaten-kota daerah perbatasan, diantawisna Kabupaten Cilacap, Kota Banjar, Kabupaten Ciamis, Kuningan, Majalengka, Cirebon, Brebes, Kota Cirebon oge Kabupaten Pangandaran,” ceuk Oman.
Kegiatan porsenitas ieu dulaksanakeun di Alu-alun Paamprokan di kawasan pantai barat, sawatara Pameran Kunci Bersama Gelar Produk Unggulan dan Investasi Daerah dilaksanakan di Alun-alun Parigi.
Cabang olahraga (cabor) anu dilombakeun dina Porsenitas ieu, diantarana, Dayung Eksekutif, Catur, Tenis Lapangan, Tenis Meja, Sepeda Beregu & Perorangan, Badminton, Olahraga Tradisional Bakiak jeung Olaharaga Tradisional Gobak Sodor.
Di peuting pembukaan anu dilaksanakeun Rebo peuting 02 November 2022, anu dilaksanakeun di alun-alun Paamprokan, sakumna kontingen ti pamilon Porsenitas oge ngilu pawey sarta akstraksi seni khas daerahna.
Disebutkeun Oman, Majalengka ngirimkeun 30 penari ti Sanggar Sunda Rancage Kelurahan Simpereum, Kecamatan Cigasong. “ Alhamdulilah tim kesenian Majalengka kalebet pinilih anu panghadena,” ceuk Kabid Kebudayaan Oman.
Sawatara eta, Kapala Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Majalengka, Yusanto Wibowo dibarengan ku Kabid Peningkatan Prestasi Olahraga (PPOR), Aan Hasanudin nyebutkeun Majalengka aya di peringkat katilu ajang Porsenitas taun 2022.
Sanggar Sunda Rancage geus Kawentar
Ngaran Sanggar Sunda Rancage geus teu bireuk deui tur mindeng ngawakilan Kabupaten Majalengka di lomba katut kagiatan kasenian sarta nyangking kajuaraan. Pon kitu deui Sanggar Sunda Rancage kungsi nyangking pangajen Revitalisasi ngeunaan Tari Kedempling, ciri khas Tari ti Kabupaten Majalengka anu ampir tilem.
Numutkeun pingpinan Sunda Rancage, Aceng Hidayat (Aceng Goong), dibarengan ku garwana, Neneng Ayu Asmiati anu oge salaku pelatih tari di sanggarna, netelakeun yen dina ngokolakeun sanggar dina seni budaya tradisional kudu dibarengan ku kasabaran. Sabab dina hal ieu kapapancenan pikeun nepakeun ka generasi ngora sangkan teu tilem ku budaya deungeun.
Sanggar Sunda Rancage Tari Ronggeng Kedempling Majalengka kungsi meunang pangajen ti Kemendikbud taun 2015 di Kuningan. Rekord Muri oge dicangking, penari Kedempling panglobana sajumlah 1525 urang dina mieling Milangkala Majalengka ka-1525 taun 2015. Samalah Tari Kedempling ieu kungsi dipilemkeun, anu judulna “Gemerincing Kedempling” disutradaraan ku putra daerah Kabupaten Majalengka, Rika Hasanah Damayanti Sambara (alumnus ISBI Bandung).
“Alhamdulillah sababaraha pilem anu parantos didamelan ku sim kuring kenging pangajen. Nuhunkeun pidunga ti sadayana pilem seni tradisi Kabupaten Majalengka “Gemerincing Kedempling” nuju dikurasi ku Badan Riset dan Inovasi Nasional (BRIN) supados tiasa kalebet Pinilih Pilem Seni Tradisi,” ceuk Rika nalika ditepungan di Bandung.
“Alhamdulillah salami ieu Sanggar Sunda Rancage mindeng dipercanten ku pamarentah Kabupaten Majalengka, tur mindeng nyangking pangajen. Pamugi tiasa sasarengan sareng pamarentahan oge pihak terkait dina ngamumule seni tradisi Majalengka,” ceuk Aceng. (Ayank)
Comment here